Kalangkang Panonpoé
Penulis: Nana Sukmana
Spesifikasi: A5 (14,8 x 21 cm), softcover 74 hlm, book paper (hitam putih)
harga: dalam proses
ISBN: dalam proses
e-ISBN: dalam proses

TENGAH peuting karék kaluar ti parapatan Pamoyanan.
Breg hujan gedé. Cilaka. Mangkaning AC-na pareum. Jaba muru
waktu deuih. “Kadé ulah elat. Acara mulangkeun seureuh
leuleus téh jam dalapan. Urang indit bada subuh!” SMS ti
lanceuk. Lahaola. Mobil ngarayap. Bus, ka Tanjakan Gentong.
Haté mimiti sebér. Loba kacaritakeun. Aya jurig bebegig.
Dasar sué. Jalan tiiseun. Taya treuk-treuk acan. Cetrék, MP3-
Player dihirupan. Jentréng, kacapi suling. “Mihapé sisir jeung
minyak, kadé kaancloman leungeun...” Lagu wangun rarakitan
ngagalindeng.
Béak tanjakan, aya nu megat. Lalaki. Tah, geuning aya
batur. Reg. Kalacat, unggah. “Gancang, geus pada nungguan!”
pokna. Lanceuk! Bajuna jibreg. “Ngahaja nyusul, hariwang.”
Selengseng seungit kembang. Cungungung sada ajag babaung.
Ah, dédéngéan! Gas ditincak. Mobil ngabelesur. Lebah
péngkolan, galéong... jedak, tarang kana setir. Dirampa. Ukur
bohak. “Cik, genténan ku Akang atuh!”